Senin, 01 Maret 2010

"SALEMPANG"


Ieu mah bukti lain ngimpi. Dimana - mana Masjid sigrong .Asa hanjakal eusina kosong. Kamana.......kamana.......kamana.......Kamarana pangesina.....? Nu di gembrong palih kulon Stadion. Nu di sorang belah wetan teh Pameran. Ceuk beja Masjid teh kandaraan Surga. Ceuk Bapak tara ka masjid sok Cilaka. Ceuk Ema Masjid teh tempat nu Mulya. Aneh.......Aneh........Aneh.....Ieu mah bukti lain ngimpi. Ngawangun teu kagok tohaga lega. Udunan parunjul paloba - loba. Hariwang kuring salempang. Masjid sigrong tinggal ngaran. Aneh......Aneh......aneh......Ieu mah bukti lain ngimpi. Spiker sorana patarik - tarik. Ngagupay tuluy ngageroan. Nu datang ukur harepan. Hariwang kuring salempang. Bendu Allah bakal datang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar