Senin, 01 Maret 2010

"SALEMPANG"


Ieu mah bukti lain ngimpi. Dimana - mana Masjid sigrong .Asa hanjakal eusina kosong. Kamana.......kamana.......kamana.......Kamarana pangesina.....? Nu di gembrong palih kulon Stadion. Nu di sorang belah wetan teh Pameran. Ceuk beja Masjid teh kandaraan Surga. Ceuk Bapak tara ka masjid sok Cilaka. Ceuk Ema Masjid teh tempat nu Mulya. Aneh.......Aneh........Aneh.....Ieu mah bukti lain ngimpi. Ngawangun teu kagok tohaga lega. Udunan parunjul paloba - loba. Hariwang kuring salempang. Masjid sigrong tinggal ngaran. Aneh......Aneh......aneh......Ieu mah bukti lain ngimpi. Spiker sorana patarik - tarik. Ngagupay tuluy ngageroan. Nu datang ukur harepan. Hariwang kuring salempang. Bendu Allah bakal datang.

""" Ulah Pacorok...............!


Ahli elmu langit{Ulama Akherat} ulah pacorok ilu biung kana kadunyaan engkena bisi pabaliut ........! Sing anteb enya-enya pageh cicing dina kaelmuanana,Elmu langit nyaeta misahken bener jeung batal dina praktek sapopoe cara Ibadah ka Allah swt ngahalalken barang jeung gawe anu halal ngaharamken barang jeung gawe anu haram ulah di samarken saeutik - eutik acan atawa di campur aduk nu halal jeung nu haram {kudu jelas cara misahkeunana}, Sangkan engkena bisa nyitak pribadi Muridin Muslim anu taqwa, Anu isya Allah engkena ngakar nepi ka anak incu satuluyna{Baranakan}sajalan jeung umur dunya ieu.......Wallahu a lam...........